Kamis, 22 September 2011
leuwih Islam
Sawatara waktu k tukang kuring pernah ngadenge dongeng / caritaan ngeunaan prabu siliwangi raja padjajaran nu diajak asup islam tapi nolak alesana da manehna mah sanajan teu islam tapi geus leuwih Islam. Kuring teu ngarti kamana eta dongeng teh bras na. Naha prabu siliwangi bet ngarasa leuwih Islam tibatan orang islam . Ku kuring terus di pikiran dibaca nepika boga hiji pamikiran naha hal eta teh. Lain wungkul zaman prabu siliwangi nu kitu teh, dalah zaman ayeuna ge jalma2 nu deukeut jeung kuring aya anu make hal eta. Ku kuring sok ditalungtik malah sok rajeun diskusi jeung manehna. Rupina mah kieu. Ktp namah Islam tapi syreat/ ritual nu aya dina Islam kayaning sholat, puasa romadhon teu pati make. Tapi inti inti tina ritual syareat Islam tea ku manehna geus dipake pisan. Malah mah leuwih tinu sejena. Contona, inti sholat teh dina ruku pengkuh k papada jalamna, panjeg kayakinana, nurut kana aturana, luak lieuk, maca panjang pondok masalah jsb geus dipake ku manehna. Memang ceuk nu fanatik kanu syareat mah nu kitu teh teu jiga Islam. Ari ceuk kuring mah mah nu kitu teh Islam na geus di rarapkeun kana dirina. Da dina kahirupan sapopoena ge ditingali ku kuring teu loba carekeun oge tara curak carek ka batur. Iastuning loba nu bisa jadi conto urang sapopoe. Dina bahasa santun make, teu ngawilah wilah sahandapeun atawa saluhureun istuning rengkuh hormat, atuh dina prilaku pikahemaneun pikareuueseun. Ngan tara pati loba nyarita wungkul komo mun teu ditanya mah tara ubral obrol cara jalma umumna. Tapi kawilang elmuna jero. Ditanya naon oge apal, rek masalah agama rek darigama, rek masalah kahirupan atawa nu hirupna. Pernah ku kuring di heureuyan da didinya mah jiga nu biga mesin penjawab wae, naon wae aya jawabana. Dirina loba cicing mun dina riungan, lempe sapopoena teh tara loba nyarita. Atuh dina aliyah duniana nu katingalimah ngan ukur pangabutuh we sasesana teu pati ngiluan. Kuring jadi sok nanya kana diri, loba pisan nu ngaku islam tapi maranehna nu ditingali syaretna we wungkul, teu sholat dilabrak, teu puasa dikucilkeun malah beda saeutik dina bacaan sholat tepi k dua kampung pasea nage. Jadi nu mana atuh anu bener bener Islam teh? Aya cita cita nja diri nu duka teuing bakal kahontal atawa moal, hayang ngagabungkeun duanana, dina syareat teu ditinggalkeun da memeng geus asa kawajiban, oge sendi sendi islam na ge dirarapkeun kana diri. Duka teuing atuh da danget ieu nu karasa mah sholat ge sering belang betong, komo lamun aya hal nu teu sarua jeng kahayang sok babari hyg ngalabrak nateh................!
Rabu, 21 September 2011
Pakanci ka Jogja
Geus ti beh ditu ngacarakeun ulin lebaran taun ieu mah kulawarga besar teh rek ngayakeun pakanci ka jogjakarta. Biasna mah unggal lebaran ge tara kaliwat 'mudik' alias ulin teh ka pangandaran .Ti memeh dinu penginapan rumah nenek nu sederhana nepi ka hotel bintang nu mewah geus diasaan di pangandaran teh. Atuh seluk beluk pangandaran geus teu aneh deui. Pasir putih, hutan lindung, batu karas, grand canyon jeung sarupaning pangulinan di pangandaran geus kaubek. Nya taun ieu mah hayang nyobaan suasana baru ulin teh ka jogja. Pedah cenah ceuk nu pernah, jogja mah kota nu bersahabat. Oge loba tempat tempat tujuan ulin kayaning bororbudur, prambanan, kraton jsb. Atuh panitia teh nyusun we program pakanci kulawarga besar k jogja. Ti memeh puasa geus jadi rencana jeung program teh. Ti biaya nepi ka hotel beus jsb geus paheut. Barudak nu arapal geus aratoh bari teu sabar hayang geura lebaran hayan geura k jogja. Pon kitu deui kolot kolotna . Ti sababaraha poe saacan hari h baju geus di pak kana koper. Malah baju baju nu rek dipake di yogya ge geus di program ti dieu keneh. Pokonamah nu dibayangkeun teh kabungah we jeung ka senang k jogja. Kabeneran taun 2011 ieu poe lebaran teh waktuna diundur sapoe. Atuh nu tadina rek berangkat h+2 lebaran jadi h+1. Bral we sakulawarga besar indit ka jogja kana beus khusus pariwisata. Tempat diuk geus diperenahkeun ku panitia. Atuh acara geus di susun rek kamana wae rek naraon wae di jogja teh. Dibayangkeun mah perjalanan ka jogja teh maksimal 12 jam. Ti bandung berangkat jam 2 peuting dibayangkeun tepi k jogja jam 4 sore dina telatna ge. Teu kaitung waktu teh nyareng jeung nu mudik, atuh perjalanan teh molor tepi k jogja jam 10 peuting. Sajajalan ngantri komo kana beus mah minuhan jalan. Salama diperjalanan nu lila tea, saneskanten geus dilakonan keur ngabangbalerkeun kakesel. Geus peureum mah duka sabaraha liliran, geus maca, nyanyi, nepi k nyurakan kereta api nu ngaliwat bakating ku kesel. Komo barudak ngora mah nu dariuk di tukang. Can deui barudak leutik tiling tingcat turun unggah kana jok beus. Sarerea ge kesel, sarerea ge stress ari lila lila teuing mah ngan meureun cara ngaluapkeun kastress teh rupa rupa. Salama di joga alhamdulillah program panitia mah sanaos loba nu diliwatan tapi loba oge nu kacumponan, ngan nya kitu da waktuna dimanamana oge lebaran mah meujeuhna jelema hoyong hiburan sanggeus sabulan puasa. Nya dimana mana oge jalma teh tinglaliud we loba. Atuh pakansi teh teu pati sugema ari ningali jelema loba kitu mah. Asa inget we ka lembur'pangandaran' nu tadina asa bosen unggal taun ka ditu harita keur di jogja mah asa mending keneh k pangandaran. Komo pas deuk balik mah asa seunggah teh kana beus deui sakitu lilalana. Ari pek teh enya we malah mah nambahan jadi leuwih ti sapoe sapeuting dina beus teh baliknamah. Atuh penumpang saletress deui, barudak tiling tingcat deui, malahmah leuwih da leuwih lila dina beus na. Ieu suku geus barukekeng barareu da lila teuing ngagantung dina jok. Eta sugan teh moal ngalaman dina beus tina caang terus poek peuting, caang deui beurang, nepi k bandung poek deui.....heuheuy mun inget kadinya sok hoyong seuri. Ngan etateh pangalaman nu meureun moal poho saumur hirup.Pastina ge bakal sering dijadikeun gogonjakan di tiap riungan kulawarga besar teh.Majarkeun teh duriatan pisan k jogja komo diperjalanan bulak balik 50 jam dina beus mah...........bari jeung sabalikna. Cenah eta perjalan nu salitu lilana dina beus teh dirapelkeun 2 taunaneun moal naek beus heula........hehehehe da tos wareg ku kamari pakanci ka jogja
Gogodeg
Nu janten gogodeg teh carita pangalaman mitoha. Mitoha awewe tah kaunggel berehan jeung karunyaan di tunjang ku banda nu loba deui. Anjeuna tara lebaran barang bere bade kanu matuh atawa nu saliwat. Hiji poe datang ibu ibu ngora keneh . Nya kira kira 30 taunan umurna teh. Ku sabab karunyaan nya ku mitoha dibere duit. Meureun asa gampang jeung ngeunah diber duit, ungal rebun jam 1/2 6 isuk eta ibu ngora teh datang menta diber sidqoh. saminggu dua minggu tilu minggu , sabulan dua bulan tilu bulan eta si ibu teu pernah tinggaleun unggal subuh 1/2 6 datang 'nagih'. Da jelema keuna ku owah jeung sir, mitoha teh lami lami kaganggu oge. Saleuheung lamun keur aya bedinde, lamun kabeneran keur marudik mitoha teh riweuh oge. Si ibu ngora teh da teu nyaho naon teu nyaho naon pokonamah tiap isuk datang duit kudu nyampak. Nu jadi gogodeg si ibu ngora teh jiga nu nagih hutang bahasanateh. Mun kabeneran sapoe manehna teu datang isukna sidqoh na teh menta dobel. Kitu oge hiji waktu manehna rek aya kaperluan saminggu moal datang sidqohna teh menta dirapelkeun.............heuheuy deudeuh................
Kedah kumaha mayunan nukieu
Puyeng oge yeuh mayunan nu siga kieu. Di bageuran jadi calutak, ari teun karunya. Sakawitnamah pedah ningal budak istri sok icalan bala bala kabumi, pikarunyaeun. Nya sok digaleuhan eta bala bala teh. Teras ditaros kulawargana, sakolana. Kaleresan sakolana sareng jeung pun anak nu alit. Bieunamah hoyong ngiring nyaah ka budak batur susuganan aya barokahna ka kulawargi pribadi. Disakolakeun, di bekelan unggal poe dipangmeulikeun baju, sapatu, kantong , jeng saneskanten kaperluan sakolana. Beuki lami budak teh jadi beuki wani , unggal poe nyieun alesan nginjeum duit. Keur meuli beas, keur meuli obat, keur ongkos k ninina. Malih hiji waktos jeung indungna datang teh majar hayang gawe . Nya dicobian sadamel damel. Eta budak teh boga adi awewe dua nu hiji karek lelengkah halu, nu hiji deui orok beureum. Atuh sabot indungna gawe bari mawa budak tilu jeung nu orok beureum. Atuh gawe teh teu beubeunangan jeung deui kuring sakulawargi ngarasa kaganggu ku reangna budak ceurik. Satadina mah geus tenang da barudak pribadi mah tos arageung.Tah ngawitan we rada ngahuleng. Akhirnamah dilirenkeun we indungna teh. Budak awewe teh angger we teu euleum euleum beuki wani malah bari ngabohong majarkeun teh nginjeum. Kadang sok mamawa adina nu leutik ngameh pikarunyaeun. Sakolana ge geus eureun Saurnamah indung bapana teh pipirakan. Bapana gaduh istri deui nya indungna ge alim eleh nikah deui k bujang anu pacabakana teh ngala belut k sawah. Hiji waktu di cobi budak awewe teh teu dibere nginjeum duit. Kahijina asa calutak budak teh kaduana urang bere pelajaran tatakrama budak teh. ku kuring ditolak we eta budak teh teu dibere nginjeum sakumaha pamentana. suganteh teu nanaon anapek teh belewer eta budak maledog kana kenteng ku batu jeung lain sakali. Panginten mah keuheul pedah kahayangna teu kacumponan. Salaki nu nyaksian pisan mah. Ti harita heup we salaki nyarek deui ulah barang bere ka budak awewe etateh. Tapi dasar budak, duka urat erana geus pegat, duka kajurung ku lapar, teu eureun datang k imah barang penta. Teu dibere duit menta beas, teu dibere menta sangu, atawa api api ngomong aya dulurna nu maot atawa gering ngameh urang jadi karunya. Tepi k danget ieu can uereun tah eta budak ngetrok kana panto bari mawa beungeut teu boga dosa barang penta alasan nginjeum. Mun keur pusing mah tara dibuka panto teh tapi sering namah dikeupeulan we sapeser meh budak teh gancang balik......................
Wanita wanita yang tangguh
Kutuangkan tulisan ini berdasarkan penglihatan keseharianku pada keadaan sekitar lingkungan tempat aku tinggal. Kenapa aku tertarik menulis tentang wanita wanita tangguh disekitarku karena terkadang aku trenyuh melihat penderitaan dan pengorbanan mereka. Bagaimana tidak wanita wanita itu berjuang sendiri untuk memenuhi kebutuhan dirinya dan anak anak mereka. Mereka memang punya suami , tapi salah satu kewajiban suami yaitu memberi nafkah untuk istri dan anak anak mereka 'mandul'. Malas, tak ingin mengerjakan pekerjaan yang tidak sesuai dengan keinginan mereka, bahkan kadang malu mengerjakan pekerjaan yang mereka anggap merendahkan diri mereka padahal itu hanya perasaan mereka, bahkan karena merasa sudah terpenuhi kebutuhan keluarga karena istri2 mereka itu hingga si suami merasa tak apa apa. Padahal ketika kutanya para istri yang tangguh itu mereka selalu bercerita sambil beruarai air mata. Untungnya dalam agama ada kalimat alhamdulillah yang kadang diharfiahkan untung masih bisa makan, masih bisa menyekolahkan, masih bisa memenuhi kebutuhan bahkan masih bisa bayar arisan. Allah sudah mengatur rezeki semua makhluk dan mereka menyadari itu. Tapi mereka juga menyadari bahwa sulit bagi mereka untuk meningkatkan kualitas kehidupan mereka, apalagi saat ini kebutuhan sehari hari makin menanjak.Yang ada kualitas hidup menurun. Bertahun tahun tak pernah beli baju, hanya mengandalkan baju bekas pemberian orang lain, makan 3 kali sehari jadi 2 kali saja tambah perbanyak berpuasa agar pengeluaran bisa sedikit ditekan. Apalagi untuk kebutuhan hiburan atau life style sepertinya mereka tak pernah mengenal kata itu. Ada beberapa kerabat dermawan yang rela menyisihkan sebagian hartanya untuk mereka. Bahkan mereka diberi gaji mingguan untuk menopang hidup sehari hari meraka. Mudah2an Allah mengganti rezeki para dermawan itu. Yang patut ku acungi jempol adalah bahwa para istri tangguh itu malu dengan pemberian dermawan itu dan merasa takut Allah menanyakan untuk apa mereka diberi sehat? Untuk apa mereka diberi tenaga fikiran dan waktu jika hanya mengandalkan pemberian orang. Mereka takut jadi orang yang kurang bersyukur dengan apa yang telah diberi allah untuk pribadi mereka. Sehat, Umur, Muda, Luang bahkan ilmu yang mereka dapatkan apakah tidak akan menjadi pertanyaan diakhir nanti. Two Tumb Up Untuk para wanita Tangguh. Terus berjuang dengan segala kesederhanaan dan keterbatasan kemampuan kalian.
Langganan:
Postingan (Atom)